Selasa, 20 Oktober 2009

SULING

Suling degung jirimna sarimbag jeung suling kawih atawa suling tembang. Nu ngabédakeunana tina jumlah liangna, ukurun jeung cara metakeunana. Warugana diwangun ku suliwer nya éta papaés hulu suling nu ogé mibanda pungsi keur nutupan bagéan luar liang tiup, liang paragi niup anu di sebut heunceut careuh, gagang jeung liang sora. Luyu jeung ngarana, larasna ogé laras degung. Bahana tina awi tamiang sedeng suliwerna tina awi sesebitan. Ari ukuranana leuwih pondok batan suling kawih.Cara maenkeunana ku cara ditiup, anu minangka keur pangatur nadana ku leungeun. Leungeun katuhu diluhur leungeun kénca dihandap. Metakeunana, liang di buka kabeh bakal kaluar nada Da (1), ditutup liangna anu luhur kaluar nada Mi (2), ditutup dua liang anu luhur kaluar nada Na (3), ditutup tilu liang ti luhur kaluar nada Ti (4), jeung mun ditutup liangna kabéh bakal kaluar nada La (5).téknik niupna ku cara dilamus. Téknik metakeun leungeun aya ku cara dipacok (pikeun sora anu pondok tur seukeut), dipuruluk (pikeun sora anu ngageter), leotan (pikeun sora anu ngagaléong). Suling degung pungsina keur nungtun lagu jeung meulit lagu katut ngantebkeun melodi. Saéméh degung dikawihan, pungsina suling keur ngeusian jeung mapaés gending.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar