Kamis, 22 Oktober 2009

(CARPON)

Marbot

Peuting beuki jempling, tangkal cau pipireun masjid daunna gugupay ipis.
“Asa tiris pisan peuting ieu mah Man?”, pok téh nanya tiheula ka si herman nu tatadi nyeuseup udud SAMSU, geus béak kana satengah bungkus manéhna ngaroko téh, roko beunang buburuh ti haji Astim ngangkutan bata tadi beurang. “Enya kang asa tiris pisan, teu sasarina”, tembalna. “rék nincak usum halodo deui meureunnya?” pok téh negeskeun. “Ah, da asa angger wé kang rék usum halodo rék usum hujan ogé sok teu paruguh der na”, témbal si Herman bari ngaléos ka belah kalér. “Kamana man?” kuring nanya deui, “ka jamban ah, tahajud heula!” tembalna.
Sorangan,
Jempling.
Leng ngalamun, inget keur mimiti jadi marbot di mushala ieu, mushala nu ngarobah Jaja nu teu ngarti kana agama. Jaja preman terminal kampung nu geus maehan dua supir angkot, nu ahirna di bui dua welas taun. Jaja nu geus teu boga sasaha, pamajikan nu dipikacinta dicokot kukolotna, pajar téh wirang boga salaki tukang jagal jelema, kitu oge nu jadi anak sok éra dipoyok ku babaturan sakolana boga bapa narapidana. “Néng Apa euweuh niatan jadi tukang maéhan jalma, Apa ukur hayang enéng jadi budak shaléhah, bisa néangan duit halal, tong jiga bapa nu pagawéana ukur namprak bari maksa jalma mikeun hartana! ” gerentes haté téh.
Meureun enya ari panjara téh bisa ngarobah sifat jalma anu asalna salah jadi bener, tapi duka teuing ah, da nu karasa kukuring mah siga kitu, asa hayang bener ayeunamah jadi jalma téh. kalan-kalan mah sok inget kapamajikan asa hayang amprok, komo ka si Usi mah, anak kuring hiji-hijina nu ayeuna teuing dimana, béja mah geus boga bapa anyar, pamajikan téh geus kawin deui. Keun wé lah ari salakina nyaaheun mah, bisa méré dahar tina duit halal, bisa ngabagéakeun maranéhna.
“Kang, Adzan!” si Herman ngageureuwahkeun, “ngalamun waé ieu mah” pokna deui. Kuring ngorénjat da puguh reuwas keur ngalamun. “atuh kumanéh heula, meni téga ka kolot téh, keur ngalamun yeuh!” rada tarik ngomong téh da puguh rada kesel digeureuwahkeun . “pan jadwal akang subuh ieu mah” pokna nembal. “emang masjid séjén geus aradzan?” “manggeus kang!” ceuk herman. Jleng, kuring muru jamban tuluy ngong weh adzan subuh.
Ibun hérang geus silih puntang na ringkang jeung pucuk dadaunan, wanci geus nincak janari. “asa saeutikan kang poé ieu mah nu salat subuh ka masjid téh ”, Herman nanya bari udud puntung sésa keur peuting, “taririseun meureun Man, horéameun rék kaluarna” kuring némbal, “pan cenah bakal meunang pahala leuwih lamun salat berjamaah téh, komo lamun di masjid mah?”, pokna nanya deui. “Jalma ayeunamah geus lain udagan utama pahala téh man, ceuk maranehna mah néang duit nu utama mah!” teges kuring, “naon hubunganana salat subuh berjamaah jeung néang duit?” Herman calangap barung teu ngarti, “pan maranehna mah leuwih resep ngudag karier Man daripada ngudag pahala, lamun salat subuh majar téh sok kabeurangan hudang balukarna telat mangkat gawé tuluy dicarékan ku dunungan, atuh balukarna moal bisa naék pangkat!” tembal kuring, “asa anéh lamun alesanna kitu mahnya kang? Pan ceuk kanjeng rosul ogé, lamun urang salat subuh komo ditambah tahajud mah rezeki téh éstuning buburudulan!” ceuk si Herman bari mareuman kuntungna ka asbak alumunium hareupeuna.
Ray, inget deui kajadian éta, kajadian anu nyababkeun kuring ngaringkuk di pangbelokan salila duawelas taun, lamun disuksruk deuimah éta kajadian téh da asa lain salah-salah teuing kuring, dua supir nu dua éta tiheula nantang duél, kuring mah ukur hayang mertahankeun harga diri kuring anu jadi jéger terminal, euweuh niatan keur jadi rajapati, sumpah na ogé!, Meureun pedah pangaruh nginuman paméré si juki kuring kaleupasan nusuk maranéhna.
Salila welasan taun ukur bisa ngaheruk nunggu béntang nu mawa caang, anak pamajikan nu jadi pamuntangan geus tiheula leumpang, da puguh geus meunang gaganti nu leuwih caang , Tinggal kuring sosobat gaang, ngapingan peuting jempling, nunggu girimis miripis nu tiis, sabot wanci ngalun nuntun hidayah pangeran nu agung.
Geuning umur téh geus tunggang gunung, dua welas taun ukur dieusi lamunan pikeun balik deui ka anak pamajikan. Bisa ngangseu deui hawa kabébasan siga jaman-jamanna bareto. tapi béda, kiwari jeung satuluyna kuring leumpang kalebah jalan nu bisa mawa katentreman, jalan nu bisa méré tiis kana hanaangna sukma. Tidieu kuring mimiti jadi jalma nu sabenerna, basa pak Haji Astim ngidinan kuring ngurus mushalana. kahayang mah bérés nganggeuskeun hukumna téh bisa raranjeungan jeung anak pamajikan, tapi geuning pangéran geus méré jalan lian.
Raja poé nu meleték luhureun tangkal hoé panasna nyebrot kana tarang. Kiwari ukur dibaturan si Herman, aslinamah ngaran manéhna téh Muhamad Herman, kalan mah sok disebut Éman atawa Maman, teu béda jauh jeung kuring nasibna mah, sarua geus teu boga sasaha, ngan bédana ari kuring mah ditinggalkeun ku anak pamajikan, ari manéhna mah mah ditinggalkeun paéh ku indung bapana, da puguh keur umurna 6 taun indung bapana kaurug ku longsor basa keur nambang pasir. Ingét pisan basa mimiti si Herman datang ka mushala, bari ngadarégdég manéhna nyumput kapipir musala, kuring keur nyapukeun daun nangka nu marurag sesa peuting dipipir musala kacida reuwasna. “Kang tulungan kuring!” cek manéhna basa diajak reureuh di jero musala, “tulungan naon ieu téh?” tanya kuring panasaran. “Kang tulungan sumputkeun kuring, kuring keur diudag-udag pulisi!”cek manéhna bari nyuksruk kana tuur kuring. “ naon atuh nu dipigawé silaing nepika bisa diudag-udag pulisi?” kuring panasaran kénéh. “ké wéh kang ku kuring dicaritakeun, tapi ayeuna mah kuring pangnyumputkeun hela!” pokna bari gurung gusuh da puguh geumpeur sieun katéwak ku pulisi. Bus awakna kukuring diasupkeun kana kolong mimbar tuluy ditutupan ku karpét hejo meunang nyeuseuh kamarina.
Durugdug dua urang pulisi maké baju préman nyampeurkeun kuring nu api-api teu apal nanaon. “selamat siang!” maranéhna nanya. “Selamat siang pa!” tembal téh bari rada arapap-eureupeup da sieun kanyahoan nyumputkeun penjahat, ceuk batur sakamar basa dipanjara ogé lamun nyumputkaun palaku kajahaten téh sarua jeung ngalakukeun kajahatan. “Anda pernah melihat seseorang dengan ciri-ciri…bla-bla-bla..?” ceuk maranéhna. da teu puguh déngé naon anu ditanyakeun ku dua pulisi éta téh, geus kaburu geumpeur awak téh basa mimiti ningali dedeganna ogé, apanan kuring ogé kungsi ngalaman babarengan jeung pulisi di POLSEK téh tapi lain babarengan sosobatan, babarengan téh pedah jadi eupan peureupna basa diintrogasi sanggeus maéhan dua supir angkot téa. “Saya tidak melihat pak!” tembal kuring. Léos wéh maranéhna mangkat sanggeus nyebut “terimakasih atas bantuannya pak!”.
Buru-buru wéh nyampeurkeun mimbar da sieun budak nu tadi paéh béakeun hawa, puguhmah éta mimbar téh didedet karpét. Geus rada rereuh budak téh diajak ngobrol deui, dititah héla wudu kukuring saacan ngobrol téh, méh rada tenang, apanan ceuk ajéngan ogé lamun jalma sering wudu téh insyaallah kapusing bakal leungit, awak bakal seleger, tapi éta oge kudu tuluy dibarengan ku salat. “Kunaon atuh silaing téh nepika diudag-udag pulisi?” pok téh ngulang nanya patalékan tiheula.”kieu kang caritana!” manéhna tuluy nyaritakeun kasang tukangna nepika jadi buronan pulisi. Manéhna téh Herman, urang pasir koja, manéhna kurir jual beli narkoba, tapi lain tukang dagang atawa pamaké éta barang haram, manéhna téh jadi kurir pikeun nyanghareupan hirupna, keur dahar, sakola adi-adina, jeung sajabana. “Ari ayeuna adi maneh dimana?” Tanya kuring. “Ayeuna mah tos dikukut batur kang, kabeneran saminggu kamari adi kuring téh meunang béasiswa ti Sakolana, tuluy aya salah sahiji guruna daékeun ngukut manehna!” témbal manéhna, aya cirambay nu maseuhan pipina basa nyaritakeun lalaokon hirupna, timmiti mulungan palastik, nepika jadi kuli ngaduk kumanéhna pernah kaalaman, ukur néang hirup anu cenah geus aya jalanna masing-masing.
“Rezeki moal pahili-hili bagja moal paala-ala” ceuk Hj. Astim mah. éta paribasa nu unggal poé, nu unggal peuting ngahiung lebah ceuli, jadi ikét nu meulit haté sangkan teu leupas tina wangunan kaimanan. “Nu ngarana jalma ulah sok hayang paleuwih- leuwih, alatan mah mah kudu silih méré. kudu ingét ka fitrah mimiti urang, jadi khalifah dunya nu bisa méré manfaat ka nu séjén, lamun boga matéri béré ku materi, lamun boga pangarti bérékeun éta pangarti” cék Hj. Astim mah, basa mimiti kuring jadi marbot di musola ieu…

Hujan badag angin puyuh silih udag ngarusak kabéh bangunan nu kaliwatanna.
Angin peuting ngalunkeun jempling, bau taneuh muru liang-liang bangunan musola, daun cau nu kamari gugupay ipis kiwari geus teu katingali rupana, katutup taneuh nu tadi soré ngurug bangunan mushala, ngurug impénan Jaja jeung Herman pikeun ngumpul jeung kulawargana. “Pemirsa, kemarin sekitar pukul empat soré, désa ciputat di kab. Subang kecmatan subang diterjang angin puting beliung , diketahui delapan orang tewas dalam musibah ini. dua orang masih dalam pencarian, diperkirakan mereka terjebak didalam sebuah bangunan mushala. Demikian berita hari ini”
Sora sirine ambulan minuhan langit, tingkocéak jerit jalma nu teu rido kulawargana paéh kaurug taneuh. “Naha loba nu nyeungceurikan batur mah kang?” ceuk herman. kuring ukur imut, tuluy ngalayang, beuki luhur, mumbul ka awang-awang, bari mawa impénan sugan bisa nangkeup bulan nu nyorang...




10’05’08
Ridwan Tarusbawa
Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah
UPI

2 komentar: