Kamis, 22 Oktober 2009

BABASAN jeung PARIBASA

BABASAN JEUNG PARIBASA BASA SUNDA


1) Abang-abang lambé : beureum biwirna wungkul, ukur ngangeunahkeun haté nu séjén.
2) Abis bulan abis uang : panghasilan (gaji) anu pas-pasan, ngan cukup sabulaneun-sabulaneun.
3) Abong biwir teu diwengku, abong létah teu tulangan : jelema anu ngomongna sakarep-karep (ngomong teu direujeung wiwaha).
4) Atah adol : kurang ajar.
5) Ngadu angklung : papaduan, paréa-réa omong nu taya gunana.
6) Kawas aeud : nya goréng budi nya bangor.
7) Nété akar ngeumbing jangkar : sésélékét, nyorang jalan rumpil.
8) Aku-aku angga : miboga barang batur.
9) Ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut ngembat-ngembat nyatang pinang : ngeungkeuy panjang pisan.
10) Teu nyaho di alip bingkeng : buta hurup.
11) Along-along bagja : teu tulus meunang bagja.
12) Ilang along : katuaanana, kakurangaanana, sok dipaké dina nyerahkeun.
13) Geus turun amis cau : geus ngankat berég (begér).
14) Matak andel-andeleun : matak ngurangan kapercayaan nepi ka handeueul nu nitah.
15) Nyieun piandeleun : nyieun piheueuh, ngatur carita bohong ngarah percaya.
16) Diangeun careuhkeun : diantep henteu didahar.
17) Angges-anggeusan : bébéakan.
18) Selenting bawaning angina, kolépat bawaning kilat : nurutkeun kabar angin.
19) Atah anjang : arang nganjang.
20) Beuteung ajingeun : beuteung anu bangunna kawas beuteung anjing.
21) Ngantos-ngantos awuh : geus deukeut kan ajalna.
22) Turunan tumenggung sundung, patih arit : pamoyok ka ménak turunan somah.
23) Pasrah arit : pasrah teu terus jeung hate.
24) Leleyep asu : acan saré enya.
25) Atah warah : warah.
26) Atat-utu, jelema teu nyaho di ata-utu : jelema taya kanyaho.
27) Atung-atung énéh, atung énéh atung énéh : kitu-kitu kénéh.
28) Awak sampayan : jangkung leutik, lenjang, jangjing.
29) Pucuk awian, lir awi suméar di palir : pula-pilu, plin-plan.
30) Ayak-ayak béas, nu badag moncor nu lembut nyangsang : nuduhkeun kaayaan nu henteu sawajarna.
31) Ayeuh ngora : tumerap kana turunan nu maraot ngora-ngora.
32) Hambur bacot, murah congcot : babari nyarékan, tapi béréhan.
33) Misah badan misah nyawa : teu sarua, béda sagala rupana.
34) Awak kawas badawang : jangkung gedé teu matut.
35) Bosongot badé amprotan : pilkagimireun, pasemon jagoan.
36) Kacekel bagal buntutna : katéwak luluguna.
37) Kawas kedok bakal : goréng patut pisan.
38) Jelema teu balég : jelema teu bener
39) Baleg tampélé : mangkat begér, wani ditukangeun, ari diherupeun éra kénéh.
40) Ulah lincah baliliahan : ulah pindah pamatuhan.
41) Malikkeun pangali : neruskeun carita nu katunda.
42) Tibalik pasangan : lain kitu kuduna, tojaiah jeung aturan nu bener.
43) Babalik pikir : robah lampah jadi hade.
44) Matak pabalik latah : diomongkeun ka budak nu paméréna dipénta deui.
45) Jelema balung tunggal : jelema bedas pisan.
46) Ngahurun balung ku tulang : nagkeup tuur nandakeun keur bingung atawa susah.
47) Balungbang timur jalan gedé sasapuan : iklas, beresih hate.
48) Geus labuh bandéra : geus diputus (perkara).
49) Kacanir bangban : kawiwirangan, meunang kaéra.
50) Bangbang koléntang : sagala euweuh, teu boga duit pisan.
51) Ginding bangbara : resep gigindingan jeung royal ngarah katénjo ku batur, tapi ari di imah kekéréhét.
52) Kumis bangbara ngaliang : kumis anu nyeseg kana liang irung.
53) Nepung-nepung bangkelung : ngaraketkeun babarayaan ku jalan bébésanan.
54) Ngabuntut bangkong : teu bisa mere katerangan nepi ka écés (babias) pisan atawa teu sanggup nganggeuskeun pagawéan.
55) Babanténg jurit : pamanggul jurit.
56) Banting tulang : digawé popohoan.
57) Satalén tilu baru : sarua, kitu-kitu kénéh.
58) Sabata sarimbagan : sauyunan.
59) Seuseut batan neureuy keueus : kacida seuseutna (héséna).
60) Tarik atah batan mimis : tarik pisan.
61) Tamplok-batokeun : loba teuing dibikeunan, dipaké babagi, ari sorangan teu kabagéan.
62) Batok kohok piring semplék : paparabotan nu taya hargana.
63) Gurat batu : kukuh.
64) Teu nyaho dihitut bau : tacan bisa ngabédakeun hadé jeung goring (budak).
65) Bau-bau sinduk : baraya kénéh, sanajan geus laér.
66) Taya ka bau : sagala daék, sagala beuki.
67) Gindi piker belang bayah : goring hate.
68) Kawas bayah kuda : belél pisan.
69) Kawas nu dipupul bayu : taya tangan pangawasa.
70) Dibawah tangan : teu maké saksi ti pihak resmi.
71) Ngulit bawang : ipis, henteu terus kana hate.
72) Ambekna sakulit bawang : babari ambek.
73) Moal mundur satunjang béas : teu sieun (gimir) saeutik-eutik acan.
74) Dibéjér-béaskeun : diécéskeun, ditétélakeun, dijénjtrékeun.
75) Teu béja, teu carita : teu mere (ngirim) béja pisan.
76) Béngkok tikoro : teu kabagéan kadaharan istiméwa lantaran teu datang atwa geus béakeun mantén.
77) Siga béntang kabeurangan : geulis pisan.
78) Keur béntang surem : keur apes.
79) Jaman bedil sundut : jaman baheula.
80) Kawas anu teu dibedong : kaluar asup tara meundeutkeun panto.
81) Jauh ka bedug : dusun.
82) Ngomong sabedug sakali : arang ngomong.
83) Kokolot begog : ngomong teu merenah kawas kolot (dilarapkeun ka udak atawa budak ngora).
84) Belang bayah : goréng hate, sérong.
85) Kumah ceuk nu dibendo baé : kumaha ceuk nu pangagung baé.
86) Nyeri beuheung sosonggéteun : geus lila ngadagoan nu kuduna geus datang.
87) Kawas beubeulahan térong : sakarupa pisan siga nu kembar.
88) Kawas beusi atah beuleum : geuneuk (beungeut jalma nu kacida ambekna).
89) Kawas maung meunang : biwirna lamokot beureum ku luah.
90) Kandel kulit beungeut : teu boga kaéra.
91) Beurat nyuhun beurat nanggung : kacida tumarimana, nuhun pisan.
92) Bur beureum, bur hideung hurung nangtung siang leumpang : hirup senag taya kakurang, salilana ginding.
93) Rék dibeureum rék dihideung gé pasrah kuring mah : rék dikumaha-kumaha ogé pasrah.
94) Beuteung anjingeun : beuteung anu gedé ka luhur.
95) Dibeuweung diutahkeun : dipikir bulak-balik.
96) Beuweungeun, rambay alauen (hakaneun) : ma’mur, loba dahareun.
97) Teu nyaho di alip bingkeng : teu bisa maca jeung nulis buta hurup.
98) Hampang birit : daékeun.
99) Asa dipupuk birus : ngarasa tibra hate.
100) Biwir nyiru rombéngeun : resep nyaritakeun cécék bocék jeung nu saenyana kudu dirahasiakeun.
101) Jadi sabiwir hiji : padangalem, padamuji kahadéanana.
102) Abong biwir teu diwengku : sagala dicaritakeun teu jeung jeujeuhan.
103) Bobo sapanon carang sapakan : teu puguh undak usukna teu bérés éntép-seureuhna.
104) Mobok manggih gorowong : kabeneran manggih jalan pikeun ngalaksanakeun karepna.
105) Bobot pangayon timbang taraju : pangadilan, timbangan anu adil.
106) Bodo aléwoh : bodo tapi bari daék tatanya.
107) Bodo katoloyoh : bodo bari tara daék tatanya atawa tara daék nurut kana naséhat batur.
108) Nénéh bonténg : ngogo ka budak tapi ari ambek gamapang neunggeul.
109) Naheun bubu pahareup-hareup : pahutang-hutang, nepi ka pada kagoknagih (pihutangna).
110) Kawas lauk asup kana bubu : hésé kaluar deui tina salasahiji lingkungan atawa organisasi, lantaran katalian ku jangji atawa ku aturan.
111) Asa bucat bisul : ngarasa lugina sanggeus ngaréngsékeun pagawéan anu beurat atawa sanggeus lesot tina kasusah.
112) Ngabudi ucing : kawas nbu teu karep, api-api teu haying, padahal ngasdagoan batur bongoh.
113) Kawas bueuk beunang mabuk : ngeluk jeung teu wani ngomong, lantaran rumasa boga dosa.
114) Jadi cikal bugang : pangheulana kasambut di pangparengan.
115) Naggung bugang : ditinggalkeun maot ku lanceuk jeung ku adi.
116) Leutik ringkang gedé bugang : sipat jelema, upama maot loba urusanana, sumawonna mun nepi ka ajal di panyabaan.
117) Kawas bujur aseupan : diuk teu daék cicing.
118) Caang bulan opat welas, jalan gedé sasapuan : rido pisan.
119) Murag bulu bitis : bitis.
120) Teu kaur buluan : teu kaur aya kaboga, beak deui.
121) Ngabéjaan bulu tuur : ngabéjaan ka nu geus nyaho.
122) Kawas dodol bulukan : kulit hideung diwedakeun teu rata.
123) Nyolok mata buncelik : nyarita atawa ngalakukeun hal nu matak teu ngeunah ka salah saurang atawa sagolongan anu aya di dinya.
124) Buncir leuit loba duit : beunghar.
125) Siga bungaok : goréng patut pisan.
126) Ruas bungbas : tara aya kaseubeuhan beuteung.
127) Sabuni-buni nu ngising : sanajan dibuni-buni (dirahasiakeun), pagawéan séorang mah awal ahir sok kanyahoan.
128) Buntu laku : teu bisa neruskeun usaha (pagawéan).
129) Ngodok liang buntu : geus hésé cape, ari pék teu hasil, saba aya nu ngahalangan.
130) Haying untung jadi bunting : tinimbang untung kalah rugi.
131) Buntut kasiran : korét, kumed.
132) Aya buntutna : aya terusna (tina perkara) anu nguciwakeun.
133) Katempuahn buntut maung : katempuhan kasusah atawa urusan batur.
134) Kawas anjing tutung buntut : ijigimbrang teu daék cicing, boh lantaran atoh (bungah), boh lantaran susah.
135) Aya pikir kapingburi : aya pikir atawa rasa anu timbul pandeuri.
136) Leutik burih : leutik hate, borangan.
137) Buburuh nyatu diupah béas : diajar bari meunang tunjangan meunang dua rupa kauntungan.
138) Buruk-buruk papan jati : sanajan ngéwa atawa ambek ka dulur atawa ka baraya nu landes, ari manéhna meunang kererepet mah, teu weléh haying nulungan jeung ngahampura kasalahanana, henteu téga ngantep.
139) Burung palung dulur sorangan : saharti jeung buruk-buruk papan jati.
140) Nu burung diangklungan, nu édan dikendangan: nanggap carita gedebul rahul atawa nu “ngecap” kawas nu heueuh, malah dihaja sina leuih ngabuih.
141) Teu ngalarung nu burung teu nyésakeun nu édan: ngalajur napsu sahwat satakerna geus teu pipilih deui.
142) Ngaburuy : nyaneut teu make lalawuhna.
143) Buta térong : pamoyok ka jalma nu giréng patut, turug-turug sagala beuki.
144) Caang padang narawangan : panganteb kana caang piker.
145) Cacag nangkauen : henteu bérés atawa henteu alus, lantaran mindeng ditunda tuluy dihanca deui (pagawéan atawa carita).
146) Jaman cacing dua saduit : jaman baheula pisan.
147) Teu meunang cai atah : teu dipangmeunangkeun.
148) Henteu cai hérang-hérang acan : teu disuguhan naon-naon.
149) Bisi aya ti cai ti geusan mandi : bisi aya kasigeung atawa katoél, mamaras rasana.
150) Gurat cai : teu puguh jangjina, sok robah tangtungan.
151) Hérang caina beunang laukna : hasil maksud ku jalan badami, henteu ku paksa-pirusa.
152) Kumaha kecebur caina, geletuk batuna baé : kumaha béhna, kumaha engké baé.
153) Sieun nyakclak jadi bahé : saharti jeung sieun képlok blok titamplok, sieun rugi saeutik, tapi tungtungna jadi lapur.
154) Campaka jadi di reuma : nu geulis urang lembur atawa kampong, lain pipanteseunana aya di pasisian.
155) Geura mageuhan cangcut tali wanda : geura saged pikeun bajoang.
156) Sacangreud pageuh sagolék pangkék : sagala omonganana ditedunan tara jalir jangji.
157) Meungpeung carang : api-api teu katénjo atawa api-api teu nyaho, padahal kuduna mah jadi urusan.
158) Langsung saur bahé carék : nyarita teu merenah, matak nyentug kana haté batur.
159) Kawas careuh bulan : nu diwedak kandel teuing.
160) Awéwé mah tara cari ka Batawi : awéwé mah teu kudu usaha (digawé) ka nu jauh, cukup ngawulaan salaki.
161) Wiwirang di kolong catang, nya gedé nya panjang : nyorang wiwirang gedé.
162) Geus turun amis cau : geus témbong kawanitaanana, geus mangkat begér, mun hayam jago, geus mangkat begér, mun di hayam jago, geus bijil bulu mayang.
163) Siga Si Cépot : goréng patut.
164) Si Cépot jadi raja : jalma euweuh kabisa jadi pamingpin atawa jadi kapala.
165) Kaceluk ka awun-awun : kawentar ka aman-mana
166) Ceuli léntaheun: sadéngé-déngéna, sanajan lain déngékeuneunana.
167) Moal ceurik ménta eusi : sanajan mawa wadah gedé, lain haying di béré loba.
168) Teu dibéré ciatah : teu dilogo, dicarékan.
169) Ciduh jeung reuhak : sarua goréngna atawa sarua adatna (jelema).
170) Saciduh metu saucap nyata: sakti mandraguna, bisa nagbuktikeun sagala rupa omonganana.
171) Kuru cileuh kentél peujit : ngurangana saré, nguranagan dahar, lanataran aya nu dimaksud.
172) Cirri sabumi, cara sadésa: cara, ditalingakeun lantaran kungsi boga lampah goréng.
173) Clik putih clak hérang : rido, iklas, kaluara tina hate anu bereesih.
174) Liang cocopét : tempat leutik hara-haraeun.
175) Kawas cucurut kaibunan : giréng patut sarta pikarunyaeun (jelema).
176) Geus cueut ka hareup : geus kolot, geus liwat tengah tuwuh.
177) Tara néangan nu ngising : nu hayang ditulungan sapantesna datang ka nu (rék) dipéntaan tulungna.
178) Aya cukang komo meuntas : eukeur mah aya maksud, ari hég aya alesan, atuh ngeunaheun.
179) Cukup belengur baraganaya : resep mere ka batur bari teu ngingetkeun kaperluan sorangan.
180) Kalapa bijil ti cungap : muka rasiah soranagn kalawan teu dihaja.
181) Bumi tacan nyungcung : moal waka eureun-eureun aya parobahan, moal téréh kiamat.
182) Uarang curung ngebul : jalama dusun tin u jauh pisan ka kota.
(D)
183) Dah bawang, dah kapas : jual-beuli kontan, tah barangna, tah duitna.
184) Poho ka purwa daksina : pindah pileumpangan, robah adapt jadu gedé hulu.
185) Nyieun catur taya dapur : ngarang carita teu puguh galurna.
186) Aya bagja teu daulat : meunang bagja tapi teu jadi kaberkahan atawa teu tulus meunang bagjana.
187) Sakésér daun : babari lapar deui (budak).
188) Ngadaun ngora : némbongkeun deui kamajuan, sanggeus ngalaman jaman mundur (dérah atawa kota).
189) Éléh déét : sanajan teu sapuk jeunbg hate kapaksa nyaluyuan kahayang batur, lanataran karunya.
190) Béak déngkak : geus béak tarékah.
191) Bojo dénok, sawak ledok : hirup senang, lantaran boga pamajikan tegep banda cukup.
192) Jual dedet : ngajual barang satenfgah maksa.
193) Deukeut deuleu pondok léngkah : kurang pamandangan jeung teu pati bebas dina indit-indit (awéwé baheula umumna).
194) Deukeut-deukeut anak taleus : sakitu padeukeut, teu nyaho yén aya kajadian penting di salah saurang antara maranéhanana.
195) Dihin pinasti anyar pinaggih : sagala rupa nu kaalaman ayeuna saéstuna geus ditangtukeun ti heula ku pangéran.
196) Teu didingding kelir : diceplakkeun satarabasna taya nu dipinding-pinding.
197) Kawas dodol bulukan : bebungeut hideung diwedakan teu rata.
198) Ninggalkeun hayam dudutaneun: ninggalkeun pagawéan nu can anggeus, keur kapalangna pisan.
199) Dug tinetek atawa dug hulu pet nyawa: digawé beurat taya eureunna.
200) Kaduhung tara ti heula : ngarasa hanjakal mah geus tangtu moal samémé migawé kasalahan; nu matak kudu ati-ati ulah nepi ka ahirna ngarasa kaduhung.
201) Mata duiteun : piduit pisan, kasengsrem ku duit.
202) Awéwé mah dulang tinandé : awéwé mah biasana kumaha kahayang lalaki.
203) Keur meujeuhna bilatung dulang: keur meujeuhna, parabaneun (barudak).
204) Nyaah dulang : nyaahna (ka anak) nagn ngurus dahar-pakéna baé, henteu merhatikeun atikanana.
205) Ngareuntaskeun dungus: kalaksanakeun ngawin kabogoh ti keur padangora dina umur pakokolot.
206) Kawas durukan huut: pibayahaeun anu teu kaciri sarta beuki lila beuki gedé.
207) Jéngkol aya usumna : pikeun nyindiran nu loba ékol.
208) Éléh déét: ngéléhan manéh ka sahanadapeun nu tuna (déét) luang panagalamanana, lantaran karunya, nyaah atawa kasaluhureun.
209) Teu elok teu embol: teu tembonfg-tembong, teu katénjo datang atawa balik.
210) Disuhun dina embun-embunan : ditarimakeun pisan.
211) Teu embut teu ciak : teu daek mere béja saeutik-eutik acan.
212) Mucuk eurih : léncop kawas pucuk eurih (ramo/kuku awéwé).
213) Kawas gaang katincak : répéh sapada harita, ngadadak jempling lantaran reuwas atawa embung kadéngé kun u anayar datang (nu keur ngobrol atawa kakawihan).
214) Nyoo gado : ngaheureuykeun jalma nu pantes dihormat.
215) Laér gado : sok kabitaan ku kadaharan nu aya di batur.
216) Jauh-jauh gagang : hanas jauh-jauh ogé dijug-jug, ari pék teu hasil nu dimaksud.
217) Galagah kacaahan : nganteur atawa ngalajur napsu kabawa ku batur.
218) Leutik-leutik ngagalatik : jelema leutik, tapi wanian.
219) Galégéh gado : gado.
220) Igana ragas kawas gambang : kacida kuruna nepi ka kaciri tulang-tulang igana.
221) Gancang pisan : pagawéan atawa kalakuan nu anggeusna gancang, tapi hasilna teu hadé.
222) Aya gantar kakaitan : ayah al anu teu sapuk jeung haténa tapi teu dikedalkeun, henteu iklas pisan.
223) Kawas gateuw : teu bisa liar, lantaran kasakit atawa geus rérémpo, tapi ari awak lintuh.
224) Cape gawé teu kapaké : hanas capé, ari hasil pagawéanana dicawad kun u nitah.
225) Teu gédog pangkon : teu robah tangtungan atawa cecekelan.
226) Nyium bari ngégél : muji tapi tuluyna aya pangarahanana.
227) Teu gedag bulu salambar : teu sieun saeutik-eutik acan ku ancaman nu jadi lawan.
228) Rubuh-rubuh gedang : ka (barudak) nu diajar salat berjamaah (amum) kakara nurutan ruku sujudna wungkul.
229) Kumaha geletuk batuna kecebur calna baé : kumaha béhna baé, kumaha engké.
230) Gemah ripah loh jinawi : gegek cacah jiwana sarta raharja.
231) Taya genah panasaran : teu nagndung hate, geus ngarasa puas.
232) Genténg-genténg u;ah potong : sanajan hasilna teu sabaraha keun baé tinimbang luput. Sanajan gering ripuh, muga-muga ulah nepi ka maot, sing cageur deui.
233) Getas harupateun : babari ambek, babari anggeus-anggeusan.
234) Gulak-giluk kari tuur, hérang-hérang kari mata, teuas-teuas kari bincurang : asal beunghar jadi miskin, teu boga naon-naon nu aya hargana.
235) Ginding kekempis : ginding tapi teu boga duit.
236) Hade gogog, hade tagog : hadé basa hadé tata.
237) Nya ngagogog nya mantog : nitah digawé ka batur bari prak ku sorangan atawa indit sorangan pikeun nguruskeun hiji perkara, lantaran teu bérés.
238) Sagolék pangkék sacangreud pageuh : beunang dipercaya caritana, tara jalir jangji.
239) Goong saba karia : nu datang sorangan ka nu kariaan, teu kakarana diondang atawa dicorok gawé malar katitah nagarah milu seubeuh (barangdahar).
240) Nyanggakeun beuheung teukteukeun, tikoro gorokeun, suku genténg belokeun : masrahkeun diri pikeun dihukum lanataran rumasa dosa.
241) Asa kagunturan madu : asa kacaahan madu, kacida atohna.
242) Hampang birit : daékkan dititah.
243) Hamapang leungeun : babari neunggeul.
244) Handap asor : daék ngahormat ka batur.
245) Handap lanyap : hormat tapi matak nyentug kana hate.
246) Hapa héman : taya panarima, taya pamales budi ka nu geus nyieun kahadéan.
247) Hapa hui atawa kapahui : teu jamuga.
248) Haréwos bojong : omongan nu diharéwoskeun tapi kadéngé ku ju deukeut ka nu diharéwosan.
249) Harigu manukeun : nonjol ka hareup hariguna (jelema).
250) Haripeut ku teuteureuyeun : totorosol pisan kana urusan pirejekian.
251) Getas harupateun : getas.
252) Haseum budi : leuwih loba baeud jeuntg camberut tibatan seuri atawa marahmay.
253) Hawara biwir : resep ngabéja-béjakeun perkara anu tacan tangtu bakal dilaksankeun atawa hal anu lila kénéh kana waktu dilaksanakeunana.
254) Caréham hayameun : iwal tikoro kotokeun.
255) Hejo tihang : resep pipindahan atawa ganti-ganti pagawéan.
256) Sahérang-hérang cibéas : jalma ni geus meunang kanyeri, haténa moal beresin pisan, sanajan di luarna hade.
257) Heunceut ucingeun : babari reuneuh.
258) Heuras genggerong : teu bisa ngangeunahkeun haté batur ku omongan.
259) Heureut pakéan : teu réa kaboga, saeutik panagasilan.
260) Kahieuman bangkong : siga beunghar lanataran katitipan banda batur.
261) Inggis batan maut hinis : kacida inggisna atawa paurna.
262) Hirup ku ibun gedé ku poé : sasat euweuh nun gurus, hirup kalantar.
263) Beulah hoéan : siga dibeulah hoé (tonggong munding nu lintuh pisan).
264) Huap hiji diduakeun : ngirit-ngirit sagala kaperluan sapopoé, supaya bisa nyumponan kaperluan anak atawa saha baé anu perlu dibélaan.
265) Ngarah sahuapeun sakopeun : usaha leuleutikan, néangan rejeki saharitaeun.
266) Hujan cipanon : loba ceurik.
267) Nepi ka nyanghulu ngalér : nepi ka maot (dikubur).
268) Asa nyanghulu ka jarian : teu ngeunah rasa, lantaran kudu ngadunungan ka jalma nu sahandapeun panagrtina atawa harkat darajatna.
269) Hulu peutieun : leutik teuing sirah mun dibandingekun jeung awakna.
270) Miyuni hurang, tai ka hulu-hulu : kacida bodona.
271) Teu di hurang, teu di keuyeup : parasaan mah teu di kuring (cacah), teu di ménak sarua baé.
272) Hurip gusti waras abdi : jaman feudal raja senang sarta mulya rayat cageur.
273) Dihurun suluhkeun dikompét daunkeun : disamarutkeun jeung nu boga dosa.
274) Hutang uyah bayar uyah : biasana sok diteruskeun.
275) Hutang hatong : satengah heureuy, nyapirakeun kana (boga) hutang, daék bayar, henteu entong.
(I)
276) Kawas cucurut kaibunan : cucurut.
277) Boga sawah saicak : (litotes) boga sawah saeutik.
278) Asa dina sawah pangimpian : rarasaan keur ngimpi baweaning ku hélok, padahal keur nyaring.
279) Indung hokum bapa darigama : papagon agama jeung nagara.
280) Indung suku gé moal dibéjaan : niat pageuh nyekel rasiah (baraya nu landes ogé moal dibéré nyaho).
281) Teu nginjeum ceuli teu nginjeum mata : nyaksian sorangan lain béja.
282) Ipis biwir : épés méér, babari ceurik.
283) Ipis wiwirang : kandel kulit beungeut, kurang kaéra.
284) Jadi sabiwir hiji : jadi omong (carita).
285) Jadi sendén kalémékan : jadi tungtung saur.
286) Loba jaksa : loba teuing nu mere timbangan atawa naséhat.
287) Kawas jaksi sajantung : rupa bitis anu alus.
288) Jaman cacing dua saduit : waktu nu geus lila kaliwat baréto pisan.
289) Kawas hideung pateuh jangjang : méh teu bisa walakaya lantaran teu boga nu bisa diandalkeun.
290) Nété akar ngeumbing jangkar : nyorang jalan nu tarahal.
291) Lindeuk japati : siga lindeuk tapi linghas, bisa mere budi manis tapi teu beunang dipaké kaheureuyan (wanita).
292) Budak bau jaringao kénéh : budak olol lého, budak can aya kanyaho.
293) Buruk-buruk papan jati : sanajan boga dosa, dina seuseuhanana mah ka baraya (ka dulur) moal téga ngantep upama aya karerepetna.
294) Jauh tanah ka langit : kacida pisan bédana atawa moal kajadian.
295) Jauh ka bedug, carang ka dayeuh : dusun, teu nyaho di tata adapt.
296) Matak pajauh huma : matak teu silih pikanyaah, tara silihbéré rejeki.
297) Kajejek ku hakan : hasil usaha beak ku kaperluan dahareun wungkul.
298) Ngajerit maratan langit, ngacéak maratan mega : ngajerit tarik pisan.
299) Jiga tunggul kahuru : goréng patut.
300) Henteu jingjing henteu bawa : henteu mawa naon-naon keur oléh-oléh ka nu dijugjug.
301) Aya jodo pakokolot : bisa ngajodo sanggeus padakolot.
302) Kawas jogjog mondok : cékcok, récok, gandéng kun u bareng ngaromong pabedas-bedas.
303) Asa dijual payu : cuang-cieung ditinggalkeun dipanyabaan kun u ngajak ka dinya.
304) Pa anteur-anteur julang : bulak-balik silihanteurkeun.
305) Moal néangan jurig teu kadeleu : moal nyangka ka saha-saha deui boga dosana lantaran geus teg ka si anu, tur aya buktina.
306) Kawas kacang ninggang kajang : norostos, capétang, bedas (nu pidato atawa nu nayrékan).
307) Kaceluk ka awun-awun : kamashur ka mana-mana.
308) Teu sanak teu kadang : teu boga baraya pisan.
309) Ngembang kadu : olohok.
310) Kabawa ku sakaba-kaba : kabawakeun teu puguh lampah ku batur, kapangaruhan ku batur nu teu pati eucreug.
311) Ginding kakampis : ginding tapi teu boga duit.
312) Embung kakalangkangan : embung kaéléhkeun.
313) Teu nyaho di kalér kidul : kapaider, linglung.
314) Batur ngalér ieu ngidul : lain-lainna deui jeung anu keur diomongkeun ku batur, lantaran saliwang atawa teu pati ngarti (caritaan salahsaurang nu keur ngariung).
315) Réa rambat kamaléna : réa jungjang karawatna (perkara), iwal jungjang.
316) Miyuni hui kamayung : teu payaan, katodél saeutik buruk (ngambek).
317) Caringcing pageuh kancing : taki-taki mageuhan tulak jste.
318) Kandel kulit beungeut : kurang atawa taya kaéra.
319) Ngandung hatè : ngunek-ngunek.
320) Dah bawang dah kapas : iwal bawang.
321) Tibatan kapok, anggur gawok : henteu kapok malah anggur ngahanakeun.
322) Kawas ucing kumareumbi : sagala dicabak, sagala dicekel kawas ucing keur kumincir.
323) Katindih ku kari-kari : kasangka atawa katuding, pédah aya patalina jeung kajadian nu jadi perkara.
324) Buntut kasiran : korét.
325) Asa pingges leungeun katuhu : rarasaan upama ditinggalkeun ku jalma anu pohara nalangna ka urang dina pagawéan sapopoé.
326) Muriang teu kawayaan : asa muriang lanataran kaédanan.
327) Kawas nu kékéd : teu bisa barang bawa.
328) Miyuni hayam kabiri, kuméok méméh dipacok : beresét, euweuh kawani.
329) Ulah sok ngéok méméh dipacok : ulah sok ngarasa horéam ku pagawéan, méméh dicoba.
330) Ngéplék jawér ngandar jangjang : iwal kandar.
331) Daharna sakésér daun : daharna mindeng pisan (budak).
332) Sakecap kadua gobang : babari ngambek jeung babari ngdaék (raja jaman baheula dina dongéng).
333) Kawas kedok bakal atawa kawas kedok rautaneun : kacida goréng patutna kawas kedok nu can anggeus.
334) Pariuk manggih kekeb : nyétél, nu goréng patut meunangkeun nu goréng sopak.
335) Jadi ke,mbang carita : jadi bahan carita nu narik perhatian dina riungan-riungan.
336) Geus aya kembang-kembangna : geus ayah al-hal anu nimbulkeun harepan kana hasil maksud.
337) Tugur tundan hujan poék ngarit kemit enggeus : sagala rupa paréntah geus dilakonan.
338) Nu édan dikendangan, nu burung diangklungan : ngahaminan carita nu rahul sina beuki maceuh.
339) Kuru cileuh kentél peujit : ngurangan saré jeung ngurangan dahar, tirakat.
340) Dikepung waktu buaya mangap : dikepung ku musuh nu samakta pakarangna.
341) Réa ketan réa keton : loba pare (dahareun) jeung loba duit, taya kakurang.
342) Kakeueum ku cai togé : éléh pisah ku pamajikan nepi ka dipangnyéléwérkeun cicing baé.
343) Seuseut batan neurey keueus : seuseut seuat, kacida héséna ngahasilkeun maksud.
344) Nété akar ngeumbing jangkar : sagala usaha ngahasil
345) Akar nété porot ngeumbing lésot : sagala usaha teu hasil.
346) Keuna ku lara, teu keuna ku pati : bisa jadi éléh atawa tatu, tapi moal maot.
347) Kudu bisa ngeureut pakeun : kudu bisa ngajeujeuhkeun rejeki, kudu sina mapat.
348) Asa kiamat : pohara nagarasa susahna jeung sedih luar biasa.
349) Lain palid ku cikiih : lain jelema sakaba-kaba.
350) Ngijing sila bengkok sembah : teu satia kadunungan.
351) Ti kikirik nepi ka jadi anjing : ti bubudak nepi ka sawawa.
352) Ngarangkay koja : mimiti hade, lila-lila jadi goréng.
353) Luhur kokopan : ku maki.
354) Kokoro nyénang : nu kakara beunta boga, make atawa ngalarapkeun barang lain dina perenahna.
355) Kokoro nyoso malarat rosa, lebaran teu meuncit hayam :kacida malaratna.
356) Kokoro manggih Mulad, puasa manggih lebaran : kokomoan dina waktu aya rejeki.
357) Teu asup kolem : teu asup bilangan, teu kaaku kana golongan éta.
358) Kolot kolotok : kolot euweuh kanyaho, kosong tina élmu pangaweruh.
359) Dikompét-daunkeun : dihurunsuluhkeun, disamarutkeun jeung nu boga dosa atawa jeung sabagian nu teu aleucreug.
360) Ti ngongkoak nepi ka ngungkueuk : ti bubudak nepi ka bongkok ku kakoloton.
361) Meunang kopi pait : digelendeng atawa dicarekan ku dunungan.
362) Moal nyapék mun teu ngoprék : saréatna moal barangdahar (moal meunang rejeki) mun teu usaha.
363) Peujit koréseun : isuk-isuk kénéh kudu geus dahar atawa barang dahar, elat meueusan sok nyelengit beuteung.
364) Jaman tai kotok dilebuan : jaman buhun.
365) Tikoro kotokeun, caréham hayameun : iwal hayam.
366) Nepi ka pakotrék iteuk : nepi ka padakolot pisan (nu awét laki-rabi ti keur padangora).
367) Kujang dua pangadékna : usaha anu ngadatangkeun dua rupa kauntungan atawa éwé-salaki nu pada-pada boga pangasilan.
368) Kukuh Ciburuy : teu beunang dionggét-onggét, teu daék nurut kana paham batur nu leuwih bener.
369) Kulimis kawas cucurut kaibun : goréng patut jeung matak pikarunyaeun.
370) Kandel kulit beungeut : teu boga kaéra.
371) Tinggal tulang jeung kulit : kacida begangna (nu gering ripuh).
372) Ambekna sakulit bawang : babari ambek rosa.
373) Kur’an butut : dilarapkeun ka turunan ménak geus kolot, euweuh kaboga, tapi masih kenéh gumedé.
374) Lésang kuras : teu bisa nyésakeun rejeki teundeunan.
375) Kakurung ku entik : teu kaasup kana jumlah jelema nu kudu disuguhan atawa dibéré dahar.
376) Anak tilu keur kumusut : upama geus boga anak tilu, awéwé nu teu bisa ngurus awak katénjona sok karusut, geus teu pati luis.
377) Kawas kuuk : ngedeng morongkol.
378) Sono bogoh geus kalakon, lara wiring geus kasorang : geus cukup pangalaman ngarasakeun suka-duka.
379) Dijieun lalab-rumbah : dimomorékeun, teu diajénan, dianggap teu sabaraha.
380) Sibanyo laleur : ledis, teu nyésa saeutil-eutik acan (susuguh).
381) Kawas hayam lamba : bérését (jelema).
382) Kawas langit jeung bumi : pohara bédana.
383) Hutang salaput hulu : loba pisan hutang nepi ka samara bisa kabayar.
384) Teu nyaho di lauk : teu nyaho naon nu bakal matak untung.
385) Moal jauh laukna : moal hésé piuntungeunana.
386) Kawas lauk asup kana bubu : teu bisa mundur (ngundurkeun diri), deui, lantaran geus kabeungkeut ku jangji atawa sumpah.
387) Kasép ngalénggéréng konéng : nya kasep nya ginding.
388) Ngalénghoy kawas macan teu nangan : leumpang alon tapi alus katénjona (awéwé nu lenjang).
389) Lengkah kapiceun : nyaba bari aya nu dimaksud tapi teu hasil.
390) Kasép ngalénggéréng konéng : nya kasép nya ginding
391) Ngalénghoy kawas macan tenangan : lempang alon tapi alus katénjona (awéwé nu lenjang)
392) Léngkah kapiceun : nyaba bari aya nu dimaksud tapi teu hasil
393) Lain lantung tambuh laku,lain léntang tanpa béja : lain indit-inditan teu puguh nu dimaksud,tapi aya picaritaeun anu penting
394) lésang kuras : teu bisa nyésakeun rejeki keur pikahareupeun,sok béak-béak baé
395) pabalik lètah : barangbèrè dipènta deui
396) heurin ku lètah : teu bisa nyaritakeun perkara kasalahan batur,lantaran bisi aya matakna ka ditu,ka dieu
397) abong (kèna-kèna) lètah teu tulangan : ngomong teu adeuh,kajeun matak teu ngeunah ka batur
398) lètah leuwih seukeut manan pedang : raheut hatè ku omongan leuwih peurih karasana ti batab raheut (tatu) biasa
399) manan lèwèh mending walèh : tinimbang matak susah sorangan. Mending nyarita satarabasna.
400) hayang leuwih jadi lèwèh : haying untung kalah rugi
401) leungit tanpa lebih, ilang tanpa karana : leungit euweuh urutna. Teu puguh sababna, teu matak kaharti.
402) sakuru-kuruna lembu, saregèng-regèngna bantèng : sateubogana (samalarat-malaratna) nu jeneng luhur atawa urut benghar
403) sapi anu ka bantèng : awèwè nurutkeun salaki
404) buncir leuit loba duit : taya kakurang
405) leumpang sakaparan-paran atawa leumpang nurutkeun indung suku : leumpang (nyaba) teu puguh nu dijugjug
406) hampang leungeun : resep teuteunggeul
407) panjang leungeun : cocorokot, sok pulang-paling.
408) tiis leungeun : jadian pepelakan
409) teu kaleungitan peuting : tacan kajadian salaki sapeuting jeput euweuh di imah (ciri-ciri teu mangduakeun)
410) leuweung ganggong simagong-gong, leuweung si sumenem jati : leuweung geueuman pikakeueungeun
411) najan dibawa kana liang cocopèt, moal burung nuturkeun : dibawa kamana-mana ogè daèk (awèwè ku salakina)
412) salieuk bèh : sagala nyampak taya kakurang
413) ngdeupaan lincar : deupa
414) kawas anjing kadempèt lincar : anjing
415) lindeuk japati : siga lindeuk tapi linghas, upama dideukeutan enya-enya, ngejat (parawan)
416) ngalintuhan maung kuru : nèangan pibahayaeun
417) urang kampung bau listing, cacah-rucah atah warah : jelema dusun
418) gemah ripah lohjinawi : gemah
419) kawas nu meunang lotrè : meunang rejeki gedè (duit) nu teu disangka-sangka.
420) geus apal luar jerona : geus nyaho kana kalakuan jeung tabèat jalma (lahir-batina)
421) Luhur kokopan atawa luhur pamakanan : gumedè, pangkat luhur, pangkat anu gedè kakawasaanana
422) Kapiheulaan ngaluluh taneuh : hudang kabeurangan
423) Lungguh tutut bodo kèong, sawah sakotak kaider kabèh : siga lungguh katènjona padahal bangor
424) Asa kagunturan madu, kaurugan menyan putih : kacid bungahna jeung ngarasa bagjana
425) Nista, maja, utama : sakali kurang hade, dua kali meujeuhna atawa sedeng, tilu kali cukup.
426) Teu aya geuneuk meuleukmeuk : beresih hate teu ngunek-ngunek.
427) Hideung ogè buah manggu, matak tigurawi bajing : nyolong bade : sanajan luarna (cangkangna) hanteu pikabitaeun, jerona (eusina) mah matak deudeuieun.
428) Harigu manukeun : dada jelema anu nunjol kahareup.
429) Mata dijual ka peda : dilarapkeun kanu malaweung, nepika teu awas kanu disanghareupan (mata peda molotot taapi teu nènjo)
430) Geus bijil bulu mayang : geus balèg, mimiti begèr (budak lalaki); band. Geus turun amis cau.
431) Maung ompong, bedil kosong, karèta kosong : jelema anu boga komara mah geus teu nyekel kakawasaan (dongkol) ogè teu welè dipikasèrab.
432) Ngepung mèja : dariuk sakulilingeun mèja, rèk dalahar.
433) Dahar kawas meri : uprat-aprèt, ngaraèmèh (budak).
434) Meubeut meulita : mamawa kana balukarna nu goring, pipilueun kana pacèngkadan batur, balukarna bias meubeut meulit ka urang.
435) Minda rupa : salin rupa
436) Mipit teu amit ngala tèa mènta : maling
437) Kokoro manggih mulud : makmak-mekmek, kokomoan barang dahar.
438) Murah sandang murah pangan : loba (teu kurang) pakèeun, jeung dahareun (di nagara nu raharja)
439) Muriang teu kawayaan : kalah wowotan teu kuat nyangga lara ati, upama anu keur kabungbulengan
440) Beute*90ung mutriktrik berekat meunang ; nutas dahar seubeuh di nu hajat ari balik mawa berekat deuh.
441) Nènèh bontèng : bontèng
442) Hirup teu net paèh teu hos : terus-terusan gering ripuh, tapi teu maot; hirup teu walagri tarus-teursan.
443) Ngeunah angeun ngeunah angen : hirup senag, cukup dahar-pakè sarta runtut raut jeung pamajikan.
444) Ngeunah èon teu ngeunah èhè : hayang ngeunah sorangan baè, teu ngingetkeun kapentingan batur, taya arang-iringna.
445) Nya di hurang, nya di keuyeup : boh di hurang, boh di keuyeup; boh di mènak boh di kuring atawa cacah, kateungeunah (hatè) mah sarua baè.
446) Nya ngagogog nya mantog : gogog, lail-ainna deui
447) Teu nyaho di hitut bau atawa teu nyaho di cedo : teu loba pangalaman, dusun atawa balata-boloto kènèh, can boga temah wadi.
448) Misah badan misah nyawa : teu sarua boh lahir, boh batin (dua jalma)
449) Didagoan ku sèèng nyèngsrèng : sèèng
450) Nyiruan teu resepeun nyeseup anu pait-pait : umumna jalma tara resep sosobatan jeung nu miskin.
451) Jelema sok keuna ku owah gingsir : umumna jelema maah sok robah tangtunganana tara kuat nahan gogoda
452) Padu (moal) buruk digantung : perkara moal ruksak ku ditunda (-tunda), masrahkeun perkara anu diparebutkeun ka pangadilan
453) Pait daging pahang tulang : mulus awak, langka katerap kasakit, tara radang atawa borok ; band. Amis daging
454) Geus karasa paitpeuheurna : geus kaalaman sagala rupa nu teu ngeunahna atawa nu matak susahna
455) Pageuh kancing, loba anjing : caringcing
456) Teu mais teu meuleum : teu pipilueun kana urusan nu jadi carita, malah teu nyaho-nyaho acan
457) Papais-pais paray : patèèp kawas paray nu dipais (jalma loba nu ngaredeng di tempat nu heurin, nyanghuluna di paselangkeun)
458) Luhur pamakanan : luhur kokopan
459) Ti batan meunang pala anggur meunang palu : ti batan meunang pujian atawa buruhan karah kacarèkan
460) Kawas leungeun nu palid : ngopèpang, sagala dicabak atawa dicekel.
461) Teguh pancuh : pageuh pamadegan
462) Panjang leungeun : leungeun
463) Panjang lèngkah : jauh panyabaan, henteu kagok indit-inditan
464) Pondok jodo panjang baraja : sajan pondok jodo, sing nuluy (ulah pegat) jadi baraya
465) Pait paria : pait ngeunah atawa pait ogè ngeunah (didahar)
466) Rèk dijieun jimat paripih : awèwè ku lalaki nu kacid dipikabogoheuna, upama daèkeun dikawin.
467) Pasrah arit : pasrah luarna atawa basana wungkul, henteu terus jeung hate.
468) Gèpèng kawas pèpètèk : hirup muritik pisan.
469) Gorèng peujit : gorèng hatè, dengki.
470) Nya picung nya hulu maung : sarua jeung ngarujak sentul, harè-harè, batur ngalèr ieu ngidul (jawaban atawa dina paguneman)
471) Ambek nyedek tanaga midek : kacida ambekna, tapi teu bias ngalawan, lantaran moal pikuaten.
472) Sabobot sapihanèan; sareundeuk saigel, sabobot sapihanèan, sabata sarimbaga : rempug sauyunan, sabagja-sacilaka
473) Mending kendor ngagèmbol tinimbang gancang pincang : ari digawè atawa nguruskeun perkarakudu tartib, ulah garudas-garidus, supaya hasilna nyugemakeun.
474) Pindah cai pindah tampian : nyaluyukeun diri kana adapt jeung kabiasaan di tempat anyar.
475) Pindah cai dibawa tampianana : aya di pangumbaraan (tempat anyar) mageuhan adapt kabiasaan di tempat asal
476) Dagang pindang ka Cirebon : dagang barang ka tempat nyieun èta barang (moal laku)
477) Piruruhan dikatengah-imahkeun : nu dusun dipilukeun kana riungan atawa gempungan nu loba kanyahona.
478) Lindeuk piteuk : lindeuk japati
479) Rokrok pondoheun : getas harupateun.
480) Kawas jogjog mondok : jogjog, ks anu nuduhkeun ukuranana.
481) Pondok nyogok panjang nyugak : garihal, teu matak resep ngadèngèkeunana (caritaan)
482) Asa dipopokan tai : ngarasa pohara diwiwirang
483) Trong kohkol morongkol, dur bedug murungkut : pikeun nuduhkeun jelema anu kedul hudang subuh.
484) Nètè porort ngeumbing lèsotba : sagala usaha (akal tarèkah teu hasil)
485) Pucuk awian : pula-pilu teu boga tangtungan sorangan.
486) Tugur tundan, susuk bendung,ngepung maung, mènak kudu kapundayan : jaman mènak murba (baheula)
487) Mantak muringkaka balu punduk : matak murinding bulu pundul
488) Undur kadeuleu punduk, dating kadeuleu tarang : terus –terang, hanteu ngalèos kitu baè dina nyieun indit atawabalikt tèh,tapi bèbèja heula.
489) Saluhurna punduk, tara ngaliwatan hulu : sakumaha pinterna murid (waktu harita), moal leuwih pinter ti guruna.
490) Mundur papan kalawan tulis : kadesek atawa kadèsèh ku musuh, nepi ka nya pasukan (tentara) nya rèngrèngan (pamarèntah) kapaksa mundur
491) Mupugkeun tai kanjut : kariaan leuwih gedè ti biasana, lantaran ku ijiran moal kariaan deui (ngawinkeun atawa nyunatan anak bungsu)
492) Puraga tamba kadengda : dapon, darapon, asal baè, tamba hanteu.
493) Milih-milih rabi, mindah-mindah rasa : ganti pamajikan sugan leuwih ngarepok
494) Lali rabi tègang pati : poho ka pamajikan jeung tèga kana nyawa pikeun ngabèla nagara jeung bangsa
495) Poèk mongklèng buta radin : poèk pisan
496) Raga papisah jeung nyawa : maot
497) Lieuk euweuh ragap taya : malarat, taya kaboga
498) Kawas Rama jeung Sinta : nurub cupu, nu kasèp jeung nu geulis
499) Rambay alaeun,raweuy beuweungeun : subur ma’mur loba dahareun hasil tani
500) Kumaha ramèna pasar : pula-pilu, kumaha guyubna batur jenuk balarèa
501) Sepi paling towong rampog : aman, kerta raharja.
502) Asa penggas rancatan : leungteun batur nu sok nalang dina pagawèan.
503) Ranggaèk samèmèh tandukan : sawanda jeung beunghar mèmèh boga atawa jeneng mèmèh pangkat.
504) Hapa-hapa ogè ranggeuyan : miskin-miskin ogè boga salaki (aya keur pakumaha).
505) Teu boga piker rangkrpan : bolostrong, teu boga curiga, teu boga timburu.
506) Tunggul dirarud (diparud) catang dipumpak : taya nu dihiding, euweuh kasieun, sagala dirempak.
507) Asa rawing daun ceuli : mindeng ngadèngè omongan anu teu ngeunah.
508) Ngarawu ku siku : hayang loba pangasilan ku rupa-rupa usaha anu tungtungna teu kaurus.
509) Muga sing ngarèndèkèh manna sèrèh, ngarandakah manna manjah : sing loba turunan.
510) Kawas bodor rèog : jelema nu dina tingkah-lakuna pikaseurieun.
511) Dogdog pangrèwong : sakadar ngabantu sautak-saeutik, teu boga tugas nu penting.
512) Pangeprak reumis : purah diutah-ètah, ngajalankeun pagawèan nu lumayan.
513) Sabata sarimbagan : layeut, sauyunan, tara pasalia piker.
514) Leutik ringkang gedè bugang : sanajan waruga leutik (dibandingkeun ka kuda,munding upamana) tapi mun maot dinyabaan, jelema mah gedèurusanana.
515) Kawas kabudak rodèk hulu : ngahina, kawas ka jelema nu bodo atawa kawas ka budak nu bolon kènèh.
516) Nu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan : nu keur susah dipupuas, ditambahan kasusahna.
517) Biwir nyiru rombèngeun : sagala dicaritakeun, sanajan nu teu perlu kadèngè ku batur.
518) Pada rubak sisi samping : pada gedè ma’lum, pada gedè hampura.
519) Cacah rucah atah warah : cacah bolongkotan, taya pisan turun rada bèh luhur jeung taya kabisa (kanyaho).
520) Maung sarungkum : tunggal baraya, lain nu lian (sakaruhun) tapi dina bendengna alahbatan jeung deungeun-deungeun haseum.
521) Kawas jelèr kasaatan : teu daèk cicing (barudak).
522) Taya halodo panyadapan : taya eureunna (pasèa, dicarèkan, jst)
523) Sumput salindung : boga kalakuan anu ulah kanyaahon ku batur(salaki ku pamajikan atawa sabalikna).
524) Suku sambung leumpang, biwir sambung lèmèk : darma nepikeun maksud batur, lain niat sorangan.
525) Kawas hayam panyambungan : talamba-tolombo dina riungan lantar euweuh nu wawuh.
526) Ngeunah nyandang, ngeunah nyanding : hirup senang lantaran cukup pakè jeung nyandingkeun pamajikan nu satia.
527) Mindingan beungeut ku saweuy : nèmbongkeun budi parangi nu bias ka jelema nu dipikangèwa, api-api resep baè.
528) Kawas birit sèèng : hideung lestreng (kulit jelema)
529) Jelema pasèsaan : jelema nu kungsi gèlo; saeutik mahi, loba nyèsa, bias ngatur rejeki.
530) Taktak asa semplak : asa potong; nyeri lantaran tas nanggung atawa manggul nu kacidabeuratna.
531) Rejeki kaseser ku hakan : rejeki bèak ku dipakè barangdahar
532) Matak tibalik aseupan : matak teu bias nyangu.
533) Seuseut batan neureuy keueus : keueus.
534) Hurung nangtung siang lempang : beunghar sarta dipakè ngaginding.
535) Aya disihung maung : loba hubungan jeung gegedèn jadi babari meunang pitulung
536) Disiksik dikunyit-kunyit, dicacag diwalang-walang : dihukum beurat; pisan, dihukum pati.
537) Lembur singkur, mandala singkah : tempat nu nyumput sarta jauh.
538) Kawas Rama jeung Sinta : nurub-cupu, nu kasèp jeung nu geulis.
539) Kawas siraru jadi : riab ka mana-mana (jalma loba)
540) Ngijeum sirit ka nu kawin : nginjeum barang (parabot) anu keur nu bogana kacida perluna jeung ngan sakitu-kituna.
541) Pondok nyogok, panjang nyugak : pondok tapi mantak nyentug kana hate (caritaan)
542) Sonagar huma : sonagar tapi kaciri dusun dina basa jeung paripolah.
543) Nyeri peurih geus kapanggih, lara wirang geus kasorang : sagala rupa dodoja hirup geus kaalaman.
544) Nyeri beuheung sosongkèteun (sosonggèteun) : kesel ngadagoan nu rèk dating, mindeng ngalieukan nepi ka aya nyeri beuheung.
545) Jangji pasang subaya : ngayakeun perjangjian.
546) Naheun bubu pahareup-hareup : pahutang-hutang, pada-pada boga pihutang.
547) Deukeut-deukeut anak taleus : teu nyaho yèn baraya, padahal geus lila padeukeut imah.
548) Tèmbong tambagana : kanyahoaan kagorèngan hatèna atawa lampahna nu asalna disumput-sumput.
549) Tamplok batokeun : bèrèhan atawa balabah teuing nepi ka teu ngingetkeun kana kaperluan sorangan.
550) Jauh tanah ka langit : kacida bèdana (kaayaan nagara urang jaman jajahan jeung jeung ayeuna)
551) Ngadagoan kuda tandukan : ngaharepkeun perkara nu mustahil bias kajadian (sarua jeung ngadagoan belut buluan oray jangjangan)
552) Tungkul ka jukut tanggah ka sadapan : tungkul
553) Tarajè nanggeuh, dulang tinandè : sadia ngajalankeun parèntah
554) Moal ditarajèan : teu sieun (wani)
555) Kawas tatah : teu hideng sorangan (digawè) kudu dititah (diparèntah) baè
556) Taya dunya kinasihan : euweuh barang nu dikorètkeun pikeun kabagjaan jalma nu dipikanyaah
557) Moal nèngan jurig teu kadeuleu : jurig
558) Taarna teja mentrangan : tarang anu alus kawas anu aya cahayaan.
559) Ditangtang-ditèngtèng dijieun bontèng sapasi : digulang-gaper
560) Kawas beubeulahan tèrong : sarua pisan rupana (budak kembar)
561) Disusul tepus : disusul atawa ditèangan terus, nepi ka beunang (nu boga dosa)
562) Haripeut ku teuteureuyeung : gampang kagoda ku dibibitaan bakal meunang untung.
563) Tiis ceuli hèrang mata : ngarasa sugema, taya kahariwang, taya kasusah; ngeunah dèdèngèan ngeunah tètènjoan.
564) Tiis dingin paripurna : sampurnaning tiis piker, tibra hate; teu lada atawa teu karasa uyahna (kadaharan)
565) Tiis-tiis jahè : teu kaciri pahibut dina nyanghareupan kariaan.
566) Ngukur ka kujur nimbang ka awak : mikiran sarup. Perkara luyu hanteuna jeung kaayaan diri sorangan.
567) Kawas toèd : beuki ngomong, cèlèmbèng (budak)
568) Torojog tanpa larapan : datang teu ngiberan heula,
569) Trong kohkol morongkol dur bedug murungkut : keur nu ngedul hudang subuh.
570) Teu tuah teu dosa : teu mais teu meuleum, teu boga kasalahan nanaon.
571) Satuduh metu, saucap nyata : sipat nu luhung èlmuna, sagala rupa kasauranana aya buktina.
572) Tukuh Ciburuy : tukuh kaleuleuwihi, sanajan tètèla tangtunganana teu pati bener atawa moal aya matakna upama dirobah ogè.
573) Teu boga tulang tonggong : teu boga tatalang raga, teu boga tangtungan nun pasti (pucuk awian)
574) Asa katumbu umur : ngarasa atoh ditulungan dina keur aya kasusah.
575) Numbuk disuè : ninggang atawa meneran keur suè sawatara kali.
576) Kawas tunggul kahuru : gorèng patut (jelema).
577) Satungkebing langit (satangkaring jagat) : sakuliah dunya.
578) Ulah maot manggih tungtung, ulah paèh manggih bèja : sing bener waktu keur hirup, supaya ulah diaromongkeun dimana geus maot.
579) Nungtut bari ngeusi : usaha ngulik èlmu atawa ngumpulkeun rejeki saeutik-saeutik nepi ka aya buktina.
580) Èlmu tungtut dunya siar, sukan-sukan sakadrna :hirup kudu bari nyiar èlmu pkeun kasalametan dunya ahèrat, sarta kudu sigar tengah.
581) Moal ngejat satunjang bèas : wani ngayonan musuh nepi ka kumaha baè moal mundur satapak.
582) Gunung tanpa tutugan sagara tanpa tepi : taya wates-wangena.
583) Tutus langkung, kèpang halang : omongan atawa caritaan anu salah pokpokanana atawa teu pati merenah.
584) Sanajan nepi ka bias ngukir langit : sanajan sakumah pinterna.
585) Melengkung umbul-umbulna, ngerab-ngerab bandèrana : ngaganbarkeun iring-iringan atawa kaayaan di tempat pèsta.
586) Hanteu unggut kalinduan, hanteu gedag kaanginan : pageuh nyekel tangtungan sorangan, hanteu kapangaruhan ku ruruba.
587) Ngusap birit bari indit : ninggalkeun pasamoan teu bèbèja, malah bari semu keuheul.
588) Mani hayang utah iga : ngarasa kacida sebelna, nènjo atawa ngadèngè kalakuan batur nu pikaijideun.
589) Èncèr uteuk : calakan, pinter
590) Abong biwir teu diwengku : ngomong teu jeung adeuh dina nyarèkan.
591) Miyuni hayam kabiri : jejerih, leutik burih.

3 komentar: