Kamis, 22 Oktober 2009

(CARPON)

KI UIS

Langit angkeub, ngaheungheum pihujaneun. Angin ngagelebug muragkeun sagala dadaunan. Katembong aki-aki umur genep puluh taunnan udud bari nyuruput cikopi lebah hareup imah nu agrĕng, bakeuting ku nimat teu karasa meureun dalapan kuntung rokok geus ngayak na asbak.
Ki Uis katelahna dilembur ieu mah, puguh disebut Ki Uis teh da manehna mah sakabeh warna buukna bodas pedah huisan tea, duka teuing dikota nu jadi asalna mah saha ngaranna, da gening nepika kiwari ogĕ can aya nu apal kana ngaran asli eta aki-aki. Imahna agreng, tanah dimana-mana, perkebunanna lega, ti tungtung wetan lembur nepika tungtung kulon, cenah mah anak-anakna tĕh jaradi pengusaha sukses di Kota, tapi teuing kana naon arusahana tĕh.
Nu jadi hanjakal Ki Uis teh teu boga pamajikan, denge-denge ti angin mah pamajikanna mulang kaasal opat taun katukang, da gening sabada pamajikanna ninggalkeun tiheula manehnamah hijrah ka kampung, ceuk manehna cicing dikampung mah asa tentrem jiwa teh,bisa leuwih nyindem panineungan manehna jeung nu jadi pamajikan, asa lega duduluran, jeung leuwih bisa mantuan dulur batan baheula keur cicing di kota, basa kamari kuring ngawangkon harita di imahna bada shalat ashar.
Kaitung opat taun katukang sabada hijrah ka kampung , kiwari Ki Uis jadi jalma nu dikolotkeun dilembur ieu, meureun nu jadi lantaranna teh ari Ki Uis mah jalmanna teu berehan, saha wae warga nu menta tulung kamanehna mo pasti rek ditulungan, Si Jujun sobat kuring salasahijina, ayeuna mah manehna kaitung jadi jalma boga batan kuring, puguh manehnamah jadi “ tangan kirina” ki Uis. geus teu kaitung sabaraha puluh warga nu pernah ditulungan kumanehna, kaasup kuring sorangan pernah di tulungan basa pepereket neang biaya keur bayaran sakola anak kuring Si Aji.
Hiji mangsa kuring pernah diajak ketemuan ku Ki Uis teh, cenah mah rek aya kumpulan ngobrolkeun kerja bakti nyieun jembatan antar lembur lebah walungan cisaat, Ki Uis nu jadi donatur tunggal na teh. ceuk si Jujun mah nu bakal jadi pimpinan eta proyek teh kuring, alasenna pedah kuring the jujur jeung saeutik-saeutikna ngarti kana agama cenah, rada reuwas harita oge, ngan hanjakal pas harita teh nu jadi pamajikan karasa beuteung puguh da keur hamil nincak ka tujuh bulan, jadi we kuring leuwih milih nganteur pamajikan ka bidan batan kumpulan. Asa boga dosa harita teh ka Ki Uis, puguh Kuring teh rek dibere amanat tapi kalah jiga nu mungkir.
Sabulan ti harita, kuring amprok deui jeung ki Uis, kacida era na harita teh, asa boga dosa ka manehna, ari sugan teh manehna rek pundung moal nanya-nanya acan, gening jauh ti nu jadi sangka manehna ngaggero, ngawangkong, tuluy ngajak ka imahna, deui kuring teu bisa ngilu ka imahna puguh da jadwal kuring adzan Lohor di masjid harita teh, asa mingkin badag wae dosa teh ka manehna, ah ketang batan dosa lalai adzan, lalai kana amanat warga jeung nu utamana ka gusti allah mening kaMasjid we sugan ke beres timasjid, kasampeur ka imah Ki Uis mah.
Panyakit jalma meureunnya, kacida poho, ari niat mah beres ti masjid teh hayang ka imah Ki Uis kalahka tuluy kaleuweung neang suluh harita teh.
Saminggu ti harita, Si Jujun nyampeur ka imah, mobilna alus, herang keneh, baju kameja cappan, wah geus jiga orang kota we Si etamah ayeuna teh. Ari sugan teh rek aya naon, hanas mah geus reuwas puguh saminggu katukang teh lapur kana janji nu rek ngadatangan ondangan ti Ki Uis tea. Tapi gening lain ngabahas eta, malah mah ceuk Si Jujun kuring diajak ngariung deui peuting ayeuna di imahna Ki Uis, puguh wae kuring daek da rumasa geus loba dosa mungkir na janji nu baheula-baheula ka manehna.
Breh dina wangwangan kuring bakal jiga si Jujun mun deukeut jeung ki Uis mah, tapi teu ketang-keteng hayang jiga si Jujun, cukup ku boga imah nu layak we jeung pangabutuh sapopoe bisa kacumponnan kuring mah. Pan kabuktian nu dareukeut jeung manehna mah pasti bakal robah kaayaan hirupna.
Angin peuting nojosan pori-pori na awak saban kuring ngarenghap, uh, kacida tirisna peuting ieu mah, ah, tapi teu dirasa sabab aya jugjugeun tea, teuing pedah jugjugeun dunia nu lumpatna kana harta nu boa rek datang liwat Ki Uis, teuing pedah rek ngala pahala lebah amanat jeung janji tea, salengkah-salengkah jalan tarapakan ku sandal capit kuring sesa lebaran kamari bari teu weleh mikiran jeung ngalamun anteng. Teu karasa geus nepi hareup imah Ki Uis, “assalamualaikum” ceuk kuring bari ngetrok pager besi imahna, ditungguan sababaraha detik euweuhnu ngawaro, “assalamuaikum” rada ditarikeun nu kadua kalian mah, pedah bisi teu kadengeeun ku nu dijero, enya wae sababraha detik tidinya “krekek ” panto hareup imah aya nu muka, katembong si Jujun sobat kuring mukakeun panto, tuluy nyampeurkeun bari muka pager beusi nu jadi benteng imah. “ geus lila Jun?” Tanya kuring ka manehna. “ lumayan, ti tadi sore kuring mah da aya didieu” tembal Jujun. Tuluy we ngabring duaan ka jero imah ki Uis nu agreng tea, lamun tea kuring rek ka WC, rarasaan mah bakal nyasab da mun teu dibaturan mah. Lebah kaler aya ruangan nu poek, dasar ku panasaran sampeeurkeun we kukuring teh eta rohangan, basa rek pisan muka pantona, si Jujun narik taktak di tukang, “rek naon maneh sosolonong muka eta panto?” ceuk si Jujun, rada reuwas harita teh puguh asa digeureuwahkeun. “ ah henteu, panasaran we, naha di imah agreng teh aya kamar nu poek jiga kieu?” tembal kuring ka manehna. “Geus hayu tuturkeun weh urang, tong sok nyanyahoan!” ceuk Si Jujun bari ngaleos mangkat. Nepi we kuring the ka hiji rohangan nu geus loba jelema, aya 9 urang di eta rohangan teh, kabeh marake dasi jeung Jas, meureun ukur kuring hungkul nu dandananna saayanna, mun di tenget-tenget mah bentuk beungeut jeung cara ngomongna tamu nu aya dirohangan the lain arurang sunda, siga urang peuntas dedeganna mah, ah. Keun bae teu masalah etamah, nu penting mah ieu obrolan beres tuluy rek neang pahala jeung saeutik harta liwat Ki Uis.. der weh ngobrol….
Rada panjang tah obrolan peuting eta teh, teu karasa papondok jam nunjuk kana angka 10, dasar orang kampung jiga kuring, karek keuna ku AC sabaraha jam oge geus asup angin, batan hitut hareupeun jalma rea nu marake dasi, kuring ijin ka WC rek miceun angin, tuluy menta anteur ka si Jujun, Ki Uis ge da nga hensok keun harita the. Leos we indit ka WC, nepika WC bari ngarsakeun miceun angin teu eureun ngalamun bakal meunang rejeki ieu mah ti Ki Uis, pedah titadi oge kuring the diomong-omong ku Ki Uis ka tamu-tamuna nu orang kota tea, disebut jujur tea lah, disebut ngarti kana agama te lah, malah mah salah sahiji tamuna ngajak kakuring nyaba kakota, rek diasupkeun gawe di perusahanna cenah, tapi dek kumaha-kumaha oge rek diobrolkeun heula ka nu jadi pamajikan.
Kaluar ti WC rada hulang-huleng oge, Si Jujun ninggalkeun ari suganteh rek nungguan, puguh mah teu apal jalan balik ka rohangan tempat kumpul da kacida legana atuh imah teh, batan ngahuleng leumpang we kuring the bari susuganna bisa nepi ka rohangan tadi, mun henteu oge rek gogorowokan weh, menta tulung tisasab di imah Ki Uis. Teu kahaja ngaliwat deui ka na rohangan tadi, rohangan poek nu pinuh ku misteri tadi, ku panasaran disampeurkeun weh eta rohangan teh, dgdegan teu puguh awak the, kesang badag kesang tiis kaluar na pori=pori sakabeh awak, uteuk jeung hate silih tarung, rek ngameunangkeun kapanasaran tuluy muka ieu panto, atawa rek diculkeun sabab lain hak. Dasar ku panasaran nu gede kacida, di bukakeun we eta panto the, poek mongkleng di jero rohangan teh, kuring rarampaan sugan manggih saklar meh bisa ngahurungkeun lampu. “Trek” teu kahaja saklar lampu kacabak tuluy ngajetrek.
Barang ditingali “astagfirullah, , naudzu billa himindzalik” teu eureun kuring maca istighfar, amit-amit teuing gusti allah, hamdallah ngucap sukur ka Gusti Allah.. belah kaler tembok katembong dua foto gambar awewe hiji, lalaki hiji jeung hiji lambang nu sering katingali na pilem-pilem barat…amit-amit ya Allah, amit-amit jadi jalma nu Kufur, Kafir jeung Syirik ka gusti Allah, paingan sababaraha bulan ieu masjid the sok asa kosong, si jujun sobat kuring mun diajak ka masjid keur salat nerjamaah teh sok rada mungkir, alesanna rek aya perlu ka imah Ki Uis, , kitu oge jeung sababaraha aktivis masjid sejenna, asa tara pisan-pisan deui datang ka Masjid, meureun kaimannan maranehna the geus kagade jeung kabeiuli ku harta nu di janjikeun ku Ki Uis, amit-amit ya Allah mun kuring ngilu jiga kitu, teu ridha dunya akherat rezeki jiga kitu mah, mening maraban anak pamajikan nu harta nu halal liwat jalan allah batan kudu ngagadekeun kaimannan jiga maranehna… Alhamdulillah gusti anjeun masih mikanyyah kuring, sing jauh tina hal jiga kitu….teu malire jeung teu paduli nu bakal kajidaan kahareupna kuring lumpat kaluar ti imah bari teu karasa aya nu haneut ngeclak na pipi kenca katuhu… alhamdulillahirobbil alamin…

Tidak ada komentar:

Posting Komentar