Kamis, 22 Oktober 2009

(CARPON)

Nyuhun

“Gening jadi kitu si Dudung téh nya?”
“Muhun nya ceu, naha jadi kitu budak téh?”
“Si Dudung budakna ceu Eha lin?
“Muhun ceu, putra hiji-hijina ceu Eha téa, jiga anu kurang saendan ayeunamah!”
“Ceuk béja mah budak téh dikukut ku jurig walungan!”
“Tah mantakna barudak téh ulah sok diantep ari ulin ka leuwi téh, apanan ceuk Ki Sapta ogé di leuwi étamah loba jurigan!”
“Boa geus gering budak téh, karunya teuing nya budak-budak geus kitu?!”
Ngadéngé omongan tatangga jiga kitu, ceu Éha ukur bisa ngusapan dadana, istigfar ménta panghampura ka gusti. Kalakuan Dudung kiwari kacida lian ti biasana. tiap salat tarawéh di masjid budak téh teu eureun seuri cicirihilan siga anu keur lalajo dogér.
“Ujang kasep,pami badé heureuy mah, atos waé ujang solat tarawéhna di bumi wae!”
“Naha ma? Dudung mah hoyong tarawéh di masjid, da sadayana réréncangan Dudung ogé pan salat di masjid, terus pan saur Wa Haji ogé ari salat dimasjid mah pahalana dobel ma!”
“Tapi Dudung teu kenging seuseurian pami solat téh, apanan dosa lamun ngaheureuykeun solat téh!”
“Tuda ogé nu solat téh sok lalucu kalakuanna!”, tembal Dudung.
“ Hus, tong nyarios kitu jang, apanan nu namina gerakan salat mah teu tiasa digentos, teu aya anu lucu, komo pikaseurieunmah, ulah nyarios kitu kasep, dosa!”
“Maksud ujang mah sanés kitu ma, ujang ogé terang ari nu namina gerakan solat mah teu tiasa digentos, kitu ogé babacaanna, teu tiasa digentos ku basa séjén, komo digentos ku basa sunda mah!”
“Jadi ujang téh nyeungseurikeun naon atuh?, naon anu diseungseurikeun téh?”
“éta ma, anu aya diluhureun mastaka anu solat, sok aranéh waé, mantak pikaseurieun!”
Dudung mungkas caritana ka ema. Jleng, wé manéhna muru sarung jeung péci, ngaléos ka lebah panto, tuluy ngilu ngagimbung jeung barudak sababadanna nu tadi ngagegero di hareup imahna.
Ceu Éha ukur bisa nyawang Dudung nu mikin jauh, kasilep ku poék nu minuhan jalan ka jaman. “Naon anu lucu?” Pikiran ceu Éha teu eureun muter neang musabab kalakuan anakna nu mikin anéh.
Gurat-gurat layung geus minuhan méga, wanci magrib lalaunan ngarayap, tangkal menyan, tangkal caringin, teu eureun ngadzikir, sakabéh kahirupan estuning simpe kapapag kusora adzan nu silih tembal.
Sapangeusi lembur kacida simpé, da puguh tiap jalma pada riweuh ngaleupaskeun dahaga sabada nahan lapar, hanaang, jeung hawa nafsu sapopoé.
**
Haji Kosim, kokolot lembur méré isarat keur ikomat. Jamaah baris, rapih, rapet, Dudung Cs, salat di shaf pang tukangna.
Haji Kosim maca surat alfatihah. simpé, sakabéh ngakhusukeun manéh da puguh keur nyanghareupan sanghyang nu maha agung, nu miboga sakabéh kahirupan.
Tapi, khusuna nu salat teu lila. Di shaf pangtukangna aya nu seuri cicirihilan.
Jamaah nu tadi khusuk kiwari sibuk ngira-ngira saha anu cicirihilan téh,”pasti si Dudung ieu mah!”, gerenter hate maranehna.
“Hua….hua….ha…!”
“dung, dudung nyengseurikeun naon?”
“Itu tingali, dilihureun Mang Sarkim aya naon?”
“Euweuh nanaon ah dung!”, tembal batur gigireuna.
“itu tingali luhureun sirahna, aya mobil!”
“mana ah, euweuh nanaon ogé, maénya aya mobil diluhureun sirah?”
Mang sarkim nu keur sujud ngagebeg, “budak téh apal timana eusi pikiran batur ?”, gerentes haté mang Sarkim.
Dudung ngaguar hiji-hiji pikiran jalma-jalma nu keur solat. Kabéh jamaah solat nu kataranjangan pikiranna ukur bisa ngagerem na haté, da puguh enya bener nu katingali ku si Dudung téh. ,
“Tuh hiji deui, luhureun sirah kang Maman aya awéwé geulis pisan!, ah éta pasti kabogoh anyarna!”, gorowok Dudung.
kang Maman nu rék sujud kadua ngagebeg ogé, teu nyangka si Dudung bakal apaleun musabab manehna teu husu dina salat, da puguh manéhna téh keur kangen ka awéwé nu jadi kabogoh anyarna.
Salam mungkas salat, Mang Sarkim jeung Kang Maman nu karék aranggeus solat tuluy muru shaf nu tadi dieusi ku Dudung cs.
“Hayo siah, saha nu ribut tadi?”
“Saha nu cicirihilan tadi?”
“Isuk mah barudak teu meunang solat di masjid!, ngaganggu waé nu keur solat!”
“Bener kang, isuk mah barudak téh ulah sina solat di masjid, jadi teu husu yeuh solat téh!”
Wa Haji muru nu keur ribut.
“Barudak, saha anu tadi seuseurian?”
“Du..du..dudung wa haji,” tembal Usup, bari arapap eureupeup ogé.
Ngadéngé ngaran Dudung, kabéh jamaah ribut deui.

“Dudung gening jadi kitunya?”
“Jadi kitu kumaha sih?”
“Nya jiga anu kurang saendan wéh!”
Ceu Eha nu aya kabeneran aya didinya ukur bisa ngaheruk, ngusapan dadana. Na uteuk jeung pikiranna ukur aya rasa éra, pasrah, karunya campur jeung teu ngarti.
“ Jang, naon nu ku ujang diseungseurikeun téh?, naon nu katingali ku ujang?”. Tanya wa haji.
“Itu wa, luhureun mastakana wa.” Tembal Dudung.
“Aya naon luhureun mastakana téh jang?”. Ceuk Wa Haji nanya barung teu ngarti.
Simpé, ukur kadéngé sora jangkrik silih tembal.
“Ujang ningali anu sarolat téh nyuhun rupa-rupa barang,” tembal Dudung
Wa haji ngagebeg. Aya naon ieu téh?
“Ujang, leres ujang ningal?” Tanya Wa Haji ngayakinkeun.
“Leres Wa, Ujang ningal anu solat téh nyuhun rupa-rupa barang, aya sawah, mobil, awewe, sapi, sareng nu sanésna we pokonamah!”
“Buhong si Dudung mah Wa Haji!”, Mang Sarkim megat omongan dudung, da puguh manéhna mah kasinggung.
“Leres wa haji, bohong si Dudung mah!”, gorowok nu séjén
“Kasurupan meureun budak téh!”
“Dasar budak kurang saendan”, gorowok Mang Sarkim.
Jamaah raribut , riweuh ku masing-masing koméntar. Eweuh nu bisa narima omongan ti Dudung, sanajan dina hatena mah ngaenyakeun omongan Dudung.
“Dudung dibéré kawaksiatan ku gusti Allah pikeun ningali anu teu bisa kuurang ditingali. Gusti Allah mukakeun titingalian ieu budak pikeun ningali pikiran urang anu keur ulin-ulinan basa keur solat. Urang bisa ngahenteukeun omongan si dudung. Tapi saha jalmana anu bisa lumpat jeung nyumput tina titingalian gusti Allah nu maha taliti? Saha?”
Jalma anu aya di masjid pada ngabarata.
“Dudung geus ningali urang salat bari nyuhun imah, sapi, awéwé, mobil, sawah jeung nu lian. Hartina urang ngajalankeun solat téh can bener, dina otak urang aya kénéh pikiran kaduniawian,ingetan urang masih tetep ditutur-tutur ku ingetan salian ka Allah.
Jamaah-jamaah tungkul, ceu Éha ceurik bagja. Dudung mah tetep teu ngarti naon anu diceramahkeun ku wa haji. Manéhna mah ukur nyaho hayang seuri lamun ningali anu sarolat bari nyuhun sawah, mobil, awéwé, lipstick, wedak, duit sagepok, korsi pamaéntahan…
***



RIDWAN TARUSBAWA

Tidak ada komentar:

Posting Komentar