Kamis, 22 Oktober 2009

(SAJAK)

MEMORI, SIMPONI NU HARMONI

Gurat kaheman mulas panineungan.
Ti mangsa ka mangsa carita ngalun lungsar lengser tan babatuan.
Petengna peuting ngabias,
cahya bulan nyimbut keueung nu saban peuting kamari ngaganggayong.
Deudeuh teuing seungit puspa ngaronjat mahligai kasuka, papanjang jalan ka jaman.
Rewu nuhun sakumna cipta rasa.

welas asih ngagulung wanci nu karandapan
salah dirobah jadi bener, bener nambah sampurna , kasampurnaan kagungan kawasana
runtuyan siksa durjana kagulung ombak motah kaalak paul.
Moal disambat mulang,
keun dihuapkeun ka raja beurang meh robah jadi girimis nu miripis na mangsana.

Angin janari meupeus kamelang nu kokolebatan
Sesa-sesa memori rek diriksa luyu kana cita-cita carita Arjuna Shinta
Najan aya rahwana matok jadi antagonisna
Simponi harmoni ieu rek diraksa leuwih hegar lebah manah

Tidak ada komentar:

Posting Komentar